Blog Saya Pindah

Selasa, 07 April 2009

Sajak Sunda 2

Sajak-Sajak Pandu A. Hamzah

Sajak Pandu A. Hamzah

Kertas Jarami

mangsi leuwih gancang nyaliara

saacan puisi aya.

jeroeun haté saha nu nyaho

waktu téh lain siluman, inyana

ukur sok ngiwat haiku ti jeroning

serat hareuras

nu nyicingan kertas jarami jeung rohangan


Wuni Kahujanan

nalika wuni kahujanan, siga taya nu dikir, guneman,

atawa ngadu’a

cék tangkal wuni:

“sabab harepan kana hujan nu ngagebrét

ngilatkeun cahaya ti lemah nepi ka langit”

nalika éta tangkal wuni kahujanan tepi ka lantis…


Sihir Careuh

cahaya bulan kalah ngajadikeun léngkahna terus kalangsu

jeung poho balik lamun teu sono nataku kana beuleum kijing

jeung hawar-hawar sora suka bungahna kulawarga macangkrama

sanajan diri geus yatim piatu


Warna nu Ukur Nyimpang

dina kembang angkrék kagungan téh wulandari aya warna beureum

anu lila-lila jadi layu. lain! warna éta nu ukur nyimpang mawa

sora ngirincing jiga sisit naga nu maluguran ti langit, di sisi

pangsaréan, satuluyna indit deui nyimpang di kembang angkrék

anu lianna. warna beureum saga?

lain, warnana warna beureum antara aya jeung taya


Haté Kuring Dikeramik

Haté kuring dikeramik ku sarupaning nu matak kataji, tapi kétang

kuring ukur ngawadul! tapi ketang eta teh bener!

hate kuring dikeramik ku sarupaning zat pewarna liket,

sok geura mampir ka dieu, ka hate kuring,

nguseupan catetan-catetan harian nu endah. tapi ketang kuring

ukur ngawadul! tapi ketang eta teh bener…


sumber : http://ppss.or.id/sajak-sunda/sajak-sajak-pandu-a-hamzah/

Kamis, 02 April 2009

Sajak Sunda

Sajak Budak Angon

Di pangangonan

Kuring

Jadi taneuh nu diseuseup jukut

Jadi jukut nu diremus domba

Jadi domba nu direcah maung

Jadi maung nu digorogot waktu

Jadi waktu nu diangon ku Anjeun

Anjeun. Anjeun, gulak-gelik, luhureun tonggong panonpoe

Niup suling pinuh kasimpe, pinuh timburu

Di dieu, aya angin nu satia ka kuring

Di langit, saha nu satia ka anjeun?
Di Pakalangan

Di pakalangan

Malaikat nabeuh renghap kekecapan

Kuring nyulusup

Antara tatu jeung dunga

Antara khusu jeung guligah

Simpe nu anggur

Budak bolon ngeukeupan para nabi

Gumulung na raga pandita

Talaga muja semedi

Riak laut batin

Kuring giung nenjo wates-wates teuleum

Dileled ombak implengan

sumber:http://ppss.or.id/sajak-sunda/sajak-sajak-toni-lesmana/